“Sakadang  Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!”  Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang  Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang  Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur  naon Sakadang Kuya?”
“Ah  keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti  batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”
“Di  mana?”
“Di  kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”
“Embung,  ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal,  moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan  moal gandéng?”
“Moal,  nyaan moal gandéng.”
“Hayu  atuh ari moal gandéng mah.”
Bring  atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani.  Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani  bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager,  ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé,  didalahar di dinya kénéh.
Sakadang  Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur  kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.
“Ssst,  Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang  Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah  lata-lata!”
“Sakadang  Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”
Tapi  Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah  lata-lata!”
Kahariwang  Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku  Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat  ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur  ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.
“Beunang  siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru  ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé  aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana  tangkal kai.
“Sakadang  Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang  Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan  dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang  ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang  ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa  Tani.
Kuya  dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani,  isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna,  sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul  dina jero kurung.
“Ssst,  Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.
“Éh,  geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang  Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék  dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak  Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang  Kuya?”
“Piraku atuh kuring  ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé  omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.
“Kieu,  Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.
“Tukeur  tempat kumaha?”
“Enya  tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero  kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé  ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi  dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet keukeuh  maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat,  tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang.  Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka  leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu  mah.”
Heunteu  talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam,  tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka  leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé  ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang,  hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog  téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.
“Rék naon Bapana  isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya  di pipir.”
Paguneman  Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna  ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék  dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak  Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh  Sakadang Monyét  téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka dinya,  anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina  kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu  geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah  bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina  kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung  dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét?  Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus  jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét téh dicokot ku  Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh,  koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana tangkal  kai.
(Tina Pangajaran  Sastra Sunda, Karya Drs. Budi Rahayu Tamsah, spk.)
{ 0 comments... Views All / Send Comment! }
Post a Comment